B. Daerah

Pertanyaan

jieun 10 sindiran yang bersifat sesebred ( 5 rarakitan & 5 paparikan ) ?
please ya

1 Jawaban

  • Sisindiran sesebred nyaeta sisindiran nu eusina ngeunaan heureuy atawa gogonjakan. Ditilik tina wangun rumpakana aya tilu rupa sisindiran nyaeta rarakitan, paparikan jeung wawangsalan. Sedengkeun ditilik tina maksud atawa eusina, aya tilu rupa eusi sisindiran nyaeta piwuruk, silihasih jeung sesebred,

    Pembahasan

    Dina sapada rarakitan jeung paparikan aya opat padalisan. Sedengkeun dina sapada wawangsalan aya dua padalisan. Dina sapadalisan sisindiran aya dalapan engang. Di handap ieu nyaeta conto rarakitan jeung paparikan nu eusina ngeunaan sesebred:  

    Rarakitan

    Kahayang ulin ka kota

    Tapi keur teu boga duit

    Kahayang disebut gaya

    Tapi tara pisan mandi

    Hayang baju lima warna,

    Tapi embung kudu meuli.

    Hayang siga panggagahna,

    Tapi hese kana mandi.

    Nu ngeunah sambel tarasi

    Ngan entong poho lalabna

    Nu ngagidig make dasi

    Ngan poho can dicalana

    Rarasaan ngala mayang

    Teu nyaho cangkeuteuk leuweung.

    Rarasaan koneng umyang

    Teu nyaho cakeutreuk hideung.

    Ngimpi ngajul kembang tanjung,

    Ari meunang cau kepok.

    Ngimpi tepung jeung nu jangkung,

    Ari gok jeung nu betekok.

    Paparikan

    Ulah loba teuing ngimpi

    Sagala aya kahayang

    Nu keur nyanyi loba aksi

    Padahal sorana sumbang

    Sok ngeunah sambel tarasi

    Tapi tong poho lalabna.

    Leumpang gidig make dasi

    Ngan poho can dicalana.

    Hayang baju lima warna,

    Tapi embung kudu meuli.

    Tong ngarasa panggagahna,

    Lamun hese kana mandi.

    Mandi isuk rada beurang

    Tampian jalanna nanjak

    Abdi atos terus terang

    Bade ditampi ditolak.

    Cikur jangkung jahé konéng

    Lampuyang pamura beuteung

    Rarasaan jangkung konéng

    Puguh mah bureuteu hideung

    Pelajari lebih lanjut

    • Rupa rupa sisindiran https://brainly.co.id/tugas/11754912
    • Bagian-bagian sisindiran https://brainly.co.id/tugas/12839746
    • Contoh pantun menyindir sifat teman https://brainly.co.id/tugas/13484791

    __________

    Detil Jawaban

    Kelas : VIII

    Mapel : Bahasa Sunda - Sisindiran

    Bab : 4

    Kode : 8.13.4

    Kata Kunci : Sisindiran sesebred

Pertanyaan Lainnya