pupuh sinom sekar ageung
Pertanyaan
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Pupuh nyaeta aturan atawa patokan anu biasa digunakeun dina sawatara puisi Sunda. Salahsahiji ngaran pupuh nyaeta pupuh sinom. Aya 17 rupa pupuh anu dibagi dua kelompok, nyaeta Sekar Ageung jeung Sekar Alit. Dina Sekar Ageung aya opat rupa pupuh. Sedengkeun dina Sekar Alit aya 13 rupa pupuh. Pupuh sinom kaasup kana Sekar Ageung. Dina Sekar Ageung, pupuh sinom jeung pupuh lianna sok disebut pupuh KSAD, nyaeta singgetan tina ngaran pupuh kinanti, sinom, asamarandana, dangdanggula.
Pembahasan
Puisi Sunda anu biasa ngagunakeun pupuh nyaeta saperti guguritan jeung wawacan. Pupuh biasa ditepikeun ku dihaleuangkeun ngagunakeun sawatara rupa tembang. Kusabab kitu, pupuh oge sok disebut tembang. Pupuh Sekar Ageung biasa ngagunakeun leuwih ti hiji rupa tembang. Sedengkeun pupuh Sekar Alit biasa ngagunakeun ngan sarupa tembang. Wawacan biasa ngagunakeun pupuh Sekar Ageung. Sedengkeun guguritan biasa ngagunakeun pupuh Sekar Ageung atawa Sekar Alit.
Aturan nu aya dina pupuh disebut guru wilangan jeung guru lagu. Guru wilangan nyaeta jumlah engang nu aya dina unggal padalisan pupuh. Sedengkeun guru lagu nyaeta sora engang tungtung nu aya dina unggal padalisan pupuh. Guru wilangan jeung guru lagu pupuh sinom nyaeta 8-a, 8-i, 8-a, 8-i, 7-i, 8-u, 7-a, 8-i, 12-a. Di handap ieu nyaeta conto pupuh sinom:
Kuring bungahna kacida (8-a)
tara-tara tisasari (8-i)
kuring panggih jeung manehna (8-a)
anu sok kaimpi-impi (8-i)
ayeuna lain ngimpi (7-i)
bukti nyata anu estu (8-u)
hate mah tetep nanya (7-a)
kuring keukeuh acan ngarti (8-i)
ngadak-ngadak bisa panggih jeung manehna (12-a)
Pelajari lebih lanjut
- Macam-macam pupuh https://brainly.co.id/tugas/1060670
- Perbedaan kawih dengan pupuh https://brainly.co.id/tugas/330707
- Unsur intrinsik pupuh https://brainly.co.id/tugas/2370478
__________
Detil Jawaban
Kelas : X
Mapel : Bahasa Sunda - Guguritan
Bab : 8
Kode : 10.13.8
Kata Kunci : Puisi Sunda, pupuh sinom, wawacan, guguritan