B. Daerah

Pertanyaan

Pidamel kalimat ngagunaken kecap nu aya dina istilah patukangan

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda
    Kelas : - (SMA)
    Pembahasan :

    Dina basa Sunda aya dua ragam basa, nyaeta ragam basa hormat atawa lemes jeung ragam basa loma atawa kasar. Dina ragam basa lemes aya dua rupa basa lemes nyaeta basa lemes keur ka sorangan jeung basa lemes keur ka batur. Istilah patukangan bisa digunakeun boh dina kalimah basa Sunda lemes boh dina kalimah basa Sunda kasar.

    Di handap ieu nyaeta conto kalimah anu ngagunakeun kecap nu aya dina istilah patukangan :

    1. Masinis nyaeta tukang anu ngajalankeun lokomotip kareta api, conto kalimahna "Pa Amir pagaweannana teh geus ningkat, anu asalna kondektur, ayeuna mah geus jadi masinis"
    2. Kamasan nyaeta tukang nyieun parabot tina emas atawa perak, conto kalimahna "Lamun hayang dirobah mah eta perhiasan emas teh kudu gancang dibawa ka kamasan atuh"
    3. Paninggaran nyaeta tukang moro make bedil, conto kalimahna "Uncal teh langsung lumpat sabot nempo paninggaran ngokang bedil"

Pertanyaan Lainnya