B. Daerah

Pertanyaan

basa lampu beurang beunta
lir komandon kandaraan eureun
jeung tukang dagang rampak tingarasong.
a= nuduhkeun gaya basa naon kecap BEUNTA dina padalisan kahiji ?
b=harti kecap LIR dina padalisa kadua sarua jeung kecap?
c=kecap RAMPAK dina padalisan katilu hartina
d=naon anu dimaksud ku kecap tingarasong dina padalisan kaopat?
e=kajadian naon anu kaimpleng ku hidep dina sempalan sajak diluhur?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Sajak
    Kelas : XI (2 SMA)
    Pembahasan :

    Ungkara atawa kalimah anu aya di luhur nyaeta pada kahiji tina sajak anu judulna "Di Lampu Setopan". Dina ungkara di luhur, aya sawatara kecap anu henteu akurat. Di handap ieu nyaeta ungkara anu bener tina pada kahiji eta sajak :

    Basa lampu beureum beunta
    lir dikomando kandaraan eureun
    jeung tukang dagang rampak
    tingarasong

    a. Kecap BEUNTA dina padalisan kahiji nuduhkeun gaya basa mijalma (personifikasi)
    b. Harti kecap LIR dina padalisa kadua sarua jeung kecap "saperti" atawa "siga"
    c. Kecap RAMPAK dina padalisan katilu hartina nyaeta babarengan
    d. Anu dimaksud ku kecap tingarasong dina padalisan kaopat nyaeta nyodorkeun
    e. Kajadian anu kaimpleng dina sempalan sajak diluhur nyaeta kaayaan di lampu setopan anu sok pinuh ku nu dagang asongan jeung baramaen.

Pertanyaan Lainnya