B. Daerah

Pertanyaan

Samemeh ngadongeng,urang kudu maham jalan caritana .naon sababna?

1 Jawaban

  • Kategori Soal : Bahasa Sunda - Dongeng
    Kelas : X (1 SMA)
    Pembahasan :

    Samemeh ngadongeng, urang kudu maham kana jalan carita anu aya dina eta donegng, sabab ari ngadongeng mah beda jeung maca dongeng. Dina maca hiji dongeng, anu kudu dilakukeun nyaeta ngan saukur maca carita dongeng anu ditulis, sacara jelas jeung merenah wungkul.

    Sanajan dina maca dongeng oge aya alusna urang maham kana jalan caritana, tapi dina maca dongeng mah sanajan urang henteu maham kana caritana oge, maca dongeng masih tetep bisa dilakukeun.

    Sedengkeun dina ngadongeng, umpama urang teu maham kana jalan carita anu aya dina dongeng, tangtu ngadongengna moal lancar jeung moal alus, sabab biasana ari ngadongeng mah tara bari dibaca, tapi ngan saukur maca catetan-catetan anu pentingna wungkul. Lamun anu ngadongeng wae henteu paham kana jalan caritana, komo deui anu ngaregepkeun eta dongeng.

    Dina ngadongeng aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun, nyaeta saperti bentesna sora atawa anu sok dosebut lafal, luhur handapna atawa lentong, pilihan kekecapan anu merenah dina ngadongeng, sarta penjiwaan atawa paroman jeung gerak gerik anu merenah dina waktu ngadongeng.

    Dina ngadongeng anu ngagunakeun basa Sunda, anu dimaksud ku pilihan kekecapan anu merenah nyaeta aya patalina jeung ragam basa Sunda anu digunakeun. Anu ngadongeng kudu paham dina ngalarapkan Tatakrama Basa Sunda anu merenah. Anu ngadongeng ulah nepi ka salah dina ngalarapkeun Tataktrama Basa Sunda. Sabab umpama anu ngadongeng salah dina ngalarapkeun Tatakrama Basa Sunda, bisa jadi eta anu ngadongeng teh pada nyeungseurikeun.

Pertanyaan Lainnya