Contoh kalimah tina kata datangkeun,datangna,tambahkeun,tambahna,sarekeun,sarena,sapukeun,sapuna,beubeurkeun,beubeurna..
B. Daerah
Choerrul
Pertanyaan
Contoh kalimah tina kata datangkeun,datangna,tambahkeun,tambahna,sarekeun,sarena,sapukeun,sapuna,beubeurkeun,beubeurna..
1 Jawaban
-
1. Jawaban ilukman
Kategori Soal : Bahasa Sunda - Hormat Ka Kolot Jeung Ngajen Sasama
Kelas : 3 (SD)
Pembahasan :
Dina basa Sunda aya anu disebut Tatakrama Basa Sunda. Tujuan utama tina ayana tatakrama basa Sunda teh lain pikeun ngabeda-bedakeun tingkatan sosial di masarakat, tapi pikeun silih ajenan, nyaeta ngahormat ka anu leuwih kolot jeung ngajenan ka sasama. Dina basa Sunda, aya dua ragam basa, nyaeta anu disebut Ragam Basa Hormat / Lemes jeung Ragam Basa Loma.
Ragam Basa Hormat / Lemes biasa digunakeun pikeun nyarita jeung anu saluhureun atawa anu dipikahormat. Sedengkeun Ragam Basa Loma biasa digunakeun pikeun nyarita jeung jalma anu geus akrab, saperti jeung babaturan atawa jeung anu sahandapeun. Jadi, sanajan Ragam Basa Loma teh kaasup kana ragam basa kasar, masih tetep miboga harti nagjenan ka sasama. Di handap ieu conto sawatara conto kalimah basa Sunda anu ngagunakeun Ragam Basa Loma :
1. Gancang atuh datangkeun anu rek maen orkes teh.
2. Iraha datangna tukang anu rek ngabantuan nyieun imah teh?.
3. Sok sakalian tambahkeun eta beas anu dina ember teh kana karung.
4. Naha beas tambahna teh asa saeutik pisan?.
5. Sok geura sarekeun budak teh meungpeung keur tibra kacirina.
6. Eta budak teh sarena ulah dihandap, karunya bisi asup angin.
7. Gancang sapukeun buruan imah teh, pan engke sore rek aya semah.
8. Lamun sasapuna geus beres, sapuna teundeun di tukangeun panto.
9. Sok atuh eta samping teh beubeurkeun wae kana cangkeng.
10. Jang Amir alus pisan beubeurna, eta meunang meuli ti mana?.