warta basa sunda tentang olahraga
B. Daerah
rariyanti
Pertanyaan
warta basa sunda tentang olahraga
1 Jawaban
-
1. Jawaban sandysuhendra
Dinas Pendidikan Kota Bogor ngalumangsungkeun Olimpiade Olahraga Siswa Nasional (O2SN) ka-VIII Tingkat Kota Bogor 2015 anu dipiluan ku 912 atlet ti SD, SMP, SMA/ SMK sarta 150 official, di GOR Pajajaran, Kemis (23/4). Para pamilon kagiatan ieu as alna ti 6 kecamatan sa-Kota Bogor sarta unggal kacamatan ngirimkeun 152 atlet. Acara ieu diresmikeun ku Wakil Walikota Bogor Usmar Hariman. Dina pangbagèana Usmar nètèlakeun yèn lobana atlèt anu milu dina kagiatan èta, salah sahiji ciri pangbinaan di generasi ngora kawilang sukses. Lima nepi 15 taun ka hareup atlèt-atlèt anu ayeuna tandang makalangan, diharepkeun bakal bisa mawa seungit Kota Bogor ku prestasina.
“Ku ayana kagiatan positif samodèl kieu, salah sahijina olahraga, Pamarèntah Kota Bogor sacara teu langsung geus nyalametkeun generasi ngora tina kagiatan negative anu bakal nyilakakeun dirina,”teges Usmar. O2SN sorangan bakal dilaksanakeun ti mimiti tanggal 23 nepi ka 27 April 2015. Lokasi anu digunakeun pikeun kagiatan ieu diantarana lapangan Makorem sarta sakola-sakola anu mibanda sarana anu cukup pikeun ngalaksanakeun pertandingan. Sakurangna aya 11 cabang olahraga anu bakal dilombakeun nyaèta atletik, tenis meja, voli, tenis lapangan, sepakbola mini, bulutangkis, catur, renang, pencak silat, karate jeung sepak takraw pikeuun SD jeung SMP. Sedengkeun pikeun SMA/SMK atletik, tenis meja, bulutangkis, pencak silat, karate sarta catur.